Pages

Senin, 06 Mei 2013

SI LAMSIJAN KAÈDANAN


RESENSI NOVÈL
“SI LAMSIJAN KA
ÈDANAN”
Si Lamsijan Kaédanaan mangrupa judul novél anu disusun ku Ki Umbara. Ieu buku di terbitkeun ku Girimukti , citakan ka-2 taun 2003. Kandelna aya 86 kaca.
Ngaran Si Lamsijan téh tanwandé geus wanoh. Si Lamsijan bisa disaruakeun jeung Si Kabayan dina dongéng-dongéng urang Sunda, atawa jeung Si Cepot dina wayang golék Purwa.  Adatna sok asa aing sagala nyaho, asa pangpinterna tapi bodo katotoloyo. Si Lamsijan didieu hirup dina jaman révolusi kamerdikaan.
            Dina ieu novél dicaritakeun yén Si Lamsijan nu resepeun ka Néng Amoy. Si Lamsijan anu geus ménta asihan-matih ka dukun, kaganjel ku nasib, kalahka salah sasaran, jadina ka Si Ceupleu.
Kusabab usaha papatah Dukun gagal, Si lamsijan ngumaha ka Mama Yai, kiai anu daékeun nulungan. Da ceuk Si Lamsijan manéhna lain kulantaran kageulisan atawa kabeungharan Néng Amoy, tapi nu matak mikahayang ka Néng Amoy téh sangkan Néng Amoy jadi muslimah. Mama Yai ahirna daékeun nulungan asal Si Lamsijan daék maca Qur’an jeung diajar salat.
Harita Néng Amoy dina kasusahan, tuluy ditulungan ku Si Lamsijan. Sanajan terusna mah Néng Amoy dibawa ku tentara Walanda. Ahirna Si Lamsijan kawin jeung Si Ceupleu. Tuluy maranéhna jadi sudagar peda.
Kaunggulan novél ieu nyaéta caritana diréka pikaseurieun, tapi ngeusi, da Si Lamsijan nu tadina bolongor téh maké jadi leket salat sarta nyantri sagala. Tur jalanna téh matak kaharti deuih, sanajan mémang pikaseurieun. Novél ieu cocok dibaca ku rumaja.


                                                                                Annisa Nurul Mujahidah
                                                                               XI IPA 5

Sanggeus Halimun Peuray


Sanggeus Halimun Peuray
Jejer buku : Sanggeus Halimun Peuray
Panulis : Aam Amalia
Citakan : 1982
Kandel buku : 75 kaca
                            
Novel Sanggeus Halimun Peuray hasil karancage literer Aam Amalia nyaritakeun kahirupan kaom rumaja nu patali jeung jodo, pati, bagja reujeung cilaka. Awit minangka, tokoh utamana dina ieu novel hamil diluar nikah. Dasar ti carita ieu nyaeta sangkaan-sangkaan. Kanggo nutupan aib kaluarga,  Inu nu ngarasa kahutangan budi ku kaluarga Awit, kapaksa daek kawin ka Awit. Kusabab kajadian eta, Mila nu parantos ngabina hubungan sareng Inu mutuskeun hubungan jeung Inu terus kawin jeung lalaki lain. Awalna Inu hayang enggal ngaberesan Awit sanggeus Awit ngalahirkeun, tapi Mila nu kawin jeung batur nyebabkeun Inu putus asa terus indit ti imah mertuana, janda beunghar, nu sibuk pisan ngurus organisasi-organisasi sosial. Berkat dorongan sobatna, Obos, Inu kabuka matana yen Awit mikacinta Inu. Kitu deui sabalikna. Komo deui sangkaan pikeun Awit teh peuray sanggeus apal sipat Awit sabenerna ti sobat Awit ngalewatan Obos. Ibu Awit terpukul pas Awit angkat ti bumi. Ibu Awit ngarasa salah sabab kurang merhatikeun Awit. Inu kabeneran bisa manggih Awit nu hirup mandiri jeung dua pembantu satiana tur geus digawe. Inu nu awalna kecewa ninggali Awit dianteur lalaki gonta-ganti, akhirna luluh pas anak Awit gearing jeung kudu dirawat dirumah sakit.
Novel Sanggeus Halim Puray teh mere nyaho ka urang yen kahirupan urang teh geus di atur ku Nu Maha Kawasa. Tapi dina novel Sanggeus Halimun Puray ieu aya sababaraha kata-kata kasar jeung jorok, nu teu pantes lamun di baca keur budak leutik mah.
Sanggeus maca novel ieu, para rumaja bisa ngabedakeun mana kalakuan anu hade jeung mana kalakuan anu goreng.

                                                                              Henna Deyana
                                                                              XI IPA 5

Minggu, 07 April 2013

Resensi Novel Laleur Bodas




A.Identitas Buku
Judul                                     : Laleur BODAS
Pangarang                           : Samsu
Wedalan                               : PT Kiblat Buku Utama
perancang Jilid                  : Deddy Subandi
Ilustrasi Jilid                        : Yusuf Afendi
Citakan                                 : Citakan ka-1, Bale Pustaka,1940; Citakan ka-2, 1952; Citakan ka-3, Yayasan Bakti Haruman, 1992; Citakan ka-4, Girimukti Pasaka, 1992; Citakan ka-5, Kiblat Buku Utama, 2002; Citakan ka-6, Desember 2009.
B. Kapangarangan
Laleur Bodas teh mangrupakeun carita beunang samsu. Samsu teh lain ngaran anu saenyana tapi sandiasma anu diwangun ku engang mimiti jenengan duajalma anu nyusun eta carita, nyaeta Sambas jeung Susangka (ayeuna mah H. E Susangka), duanana oge tedak kuningan.

C. Tingkesan
Basri hahadéan jeung Lili. Dina hiji peuting waktu keur nariis di Haur Duni, maranéhna bet merego Didi nyieun lampah teu uni jeung Sumarni. Didi terus ngunek-ngunek, hayang nyilakakeun Basri. Basri haben diganggu maké rupa-rupa jalan. Sa¬je¬roning kitu, Basri sok remen narima surat pondok ti “Laleur Bodas”, tepi ka manéhna remen salamet tina laku jahat panggawé deungeun. Saha ari “La¬leur Bodas” téh? Di tengah carita teh basri jeung lili teh papisah kusabab basri adek masantren .basa papisahan di stasion lili masihan ali ka basri dialina teh aya tulisan aksara sunda nami lili.hiji poe basri narima surat ti lili anu eusina nitah mikeun deui eta ali anu dipasihan ka basri teh.geus sbaraha lila kemudian lili jeung basri teh boga masalah salah paham nepi ka papisah tapi pada akhirna mah basri jeung lili teh balik deui nepi ka nikahna .
“Laleur Bodas téh caritana basajan, henteu pa¬beu¬lit cara ilaharna carita mistéri, tapi henteu weléh ngahudang kapanasaran anu maracana. Pangarangna tapis pisan dina ngarasiahkeun saha saenyana “Laleur Bodas” téh”.

D. Kaunggulan jeung kalemahan
Numutkeun simkuring. dina novel ieu aya sababaraha kaunggula jeung kalemahan sapertos kieu :
1.         Kaunggulan
- Bahasa novelna merenah, gampang dipiharti.
- Caritana matak panasaran jeung pinunjul.
- Caritana pakait rapih, caritana hese ditebak.
- Pangarangna pinter nyamunikeun saha eta laleur bodas.
- Carita cintana rame. Teu kawas carita bobogohan budak ngora nu biasa.

2.    Kalemahan
- Alur caritana teu pati cocok kanggo budak anom. Kusabab caritana nyaritakeun hiji kulawarga.
- Kalobaan dibeberkeun idetitas laleur bodasna.

NAMA        : NADYA NATASHA
KELAS       : XI IPA 5                                      


Résénsi Babalik Pikir


Résénsi Babalik Pikir
 
Jejer buku                   : Babalik Pikir
Pangarang                 : Samsoedi
Penerbit                      : Giri Mukti
Pamedal                     : PT Kiblat Buku Utama
Tempat Medal           : Jl. Gumuruh No. 38, Bandung 40275
Tanggal terbit            : Medal taun 1931
Kandel  kaca             : 72 kaca
Kategori                     : Novél
Sinopsis                      :

Novel ieu nyaritakeun hiji budak anu kacida baong jeung bengal ka kolot nu ngarana si Emed. Si Emed eta dititah ngalakonan hal leutik wae tara baleg. Ku baong baongna si Emed bapana nepika maot kapacok oray kusabab neangan si Emed peuting-peuting. Si Emed ngarasa salah pisan kulantaran maotna bapana, tapi rasa salahna teh teu lila, si Emed tetep jadi jelema baong jeung bengal ka indungna.
            Hiji poe si Emed indit ti imahna kusabab pundung ka indungna kulantaran teu dipangmeulikeun pepeutasan jeung papakean lebaran, padahal indungna teu pangmeulikeun manehna kulantaran salah si Emed sorangan nu kamalingan basa rek meuli pepetasan di pasar baru.
            Dina kaburna, si Emed meunang pangalaman anu kacida gedena. Timimiti ngangon meri, disangka maling nepika di bawa ka pangbuian barudak di Samarang. Di pangabuian barudak eta si Emed menang rupa-rupa pangajaran kuli, tapi si Emed pangresepna kana manday beusi, di dinya oge si Emed manggihan sobat anu satia, ngarana si Joko. Hiji poe, si Joko meunang balik ti pangbuian, kusabab manehna geus 18 taun, si Joko ngajakan nu teu baleg ka si Emed sangkan kabur ti pangbuian kucara digulung make samak, si Emed asalna embungeun, tapi lila kalilaan mah daekeun. Dicaritakeun yen si Emed jeung si Joko bisa kaluar ti pangbuian tanpa kanyahoan mawa si Joko dina buntelan samak. Di Jalan rek balik beus anu ditumpakan kacilakaan, dina kacilakaan eta si Joko maot, atuh si Emed teu boga sobat deui jeung hirup sorangan deui. Basa si Emed keur kalaparan si Emed papanggih jeung tukang bajigur nu kacida bageurna, si Emed hirup jeung tukang bajigur eta nepika boga pagawean manday beusi di bengkel. Sanggeus kitu si Emed balik ka lembur anu ditinggalkeuna pikeun papanggih jeung indungna anu geus lila teu papanggih.
            Novel ieu alus pisan pikeun dibaca rumaja, kusabab dijerona loba ngandung unsur pendidikan jeung moral sangkan para rumaja ayeuna ulah boga kalakuan jiga si Emed dinu carita tadi. Si Emed mangrupakeun tokoh nu mere conto yen lamun ngedul, baong jeung Bengal kakolot teh teu alus jeung urang bisa meunang balesana, masih untung di balesna didunia, lamun didunia urang bisa sadar kana kasalahan jeung jadi jelema nu leuwih hade, tapi coba lamun dibales diakherat, ulang moal bisa kukumaha. Kakurangan novel ieu hampir eweh, tapi mun ditilik tina jumlah kacana, carita ieu jiga nu lain ditujukeun pikeun rumaja, padahal carita ieu nyerminkeun rumaja pisan anu labil jeung maksakeun kehayang sorangan. Teras caritana gampang dipikaharti. Tapi basa kekecapanna anu kasar jeung kalakuan nu goréngna lain jeung picontoeun.
 Novel ieu oge ngandung nilai-nilai kahirupan sapopoe.Tapi palebah Si Emed kabur ti penjara nyaeta ku digulung ku samak rada teu asup akal. Manfaat tina novel ieu nyaeta sasaha anu mawa karep sorangan teu jeung bebeneran sarta doraka kanu jadi indung jeung bapa, temahna sok sangsara.

Bunga Alya .L
XI IPA 5