Pages

Senin, 06 Mei 2013

SI LAMSIJAN KAÈDANAN


RESENSI NOVÈL
“SI LAMSIJAN KA
ÈDANAN”
Si Lamsijan Kaédanaan mangrupa judul novél anu disusun ku Ki Umbara. Ieu buku di terbitkeun ku Girimukti , citakan ka-2 taun 2003. Kandelna aya 86 kaca.
Ngaran Si Lamsijan téh tanwandé geus wanoh. Si Lamsijan bisa disaruakeun jeung Si Kabayan dina dongéng-dongéng urang Sunda, atawa jeung Si Cepot dina wayang golék Purwa.  Adatna sok asa aing sagala nyaho, asa pangpinterna tapi bodo katotoloyo. Si Lamsijan didieu hirup dina jaman révolusi kamerdikaan.
            Dina ieu novél dicaritakeun yén Si Lamsijan nu resepeun ka Néng Amoy. Si Lamsijan anu geus ménta asihan-matih ka dukun, kaganjel ku nasib, kalahka salah sasaran, jadina ka Si Ceupleu.
Kusabab usaha papatah Dukun gagal, Si lamsijan ngumaha ka Mama Yai, kiai anu daékeun nulungan. Da ceuk Si Lamsijan manéhna lain kulantaran kageulisan atawa kabeungharan Néng Amoy, tapi nu matak mikahayang ka Néng Amoy téh sangkan Néng Amoy jadi muslimah. Mama Yai ahirna daékeun nulungan asal Si Lamsijan daék maca Qur’an jeung diajar salat.
Harita Néng Amoy dina kasusahan, tuluy ditulungan ku Si Lamsijan. Sanajan terusna mah Néng Amoy dibawa ku tentara Walanda. Ahirna Si Lamsijan kawin jeung Si Ceupleu. Tuluy maranéhna jadi sudagar peda.
Kaunggulan novél ieu nyaéta caritana diréka pikaseurieun, tapi ngeusi, da Si Lamsijan nu tadina bolongor téh maké jadi leket salat sarta nyantri sagala. Tur jalanna téh matak kaharti deuih, sanajan mémang pikaseurieun. Novél ieu cocok dibaca ku rumaja.


                                                                                Annisa Nurul Mujahidah
                                                                               XI IPA 5

Sanggeus Halimun Peuray


Sanggeus Halimun Peuray
Jejer buku : Sanggeus Halimun Peuray
Panulis : Aam Amalia
Citakan : 1982
Kandel buku : 75 kaca
                            
Novel Sanggeus Halimun Peuray hasil karancage literer Aam Amalia nyaritakeun kahirupan kaom rumaja nu patali jeung jodo, pati, bagja reujeung cilaka. Awit minangka, tokoh utamana dina ieu novel hamil diluar nikah. Dasar ti carita ieu nyaeta sangkaan-sangkaan. Kanggo nutupan aib kaluarga,  Inu nu ngarasa kahutangan budi ku kaluarga Awit, kapaksa daek kawin ka Awit. Kusabab kajadian eta, Mila nu parantos ngabina hubungan sareng Inu mutuskeun hubungan jeung Inu terus kawin jeung lalaki lain. Awalna Inu hayang enggal ngaberesan Awit sanggeus Awit ngalahirkeun, tapi Mila nu kawin jeung batur nyebabkeun Inu putus asa terus indit ti imah mertuana, janda beunghar, nu sibuk pisan ngurus organisasi-organisasi sosial. Berkat dorongan sobatna, Obos, Inu kabuka matana yen Awit mikacinta Inu. Kitu deui sabalikna. Komo deui sangkaan pikeun Awit teh peuray sanggeus apal sipat Awit sabenerna ti sobat Awit ngalewatan Obos. Ibu Awit terpukul pas Awit angkat ti bumi. Ibu Awit ngarasa salah sabab kurang merhatikeun Awit. Inu kabeneran bisa manggih Awit nu hirup mandiri jeung dua pembantu satiana tur geus digawe. Inu nu awalna kecewa ninggali Awit dianteur lalaki gonta-ganti, akhirna luluh pas anak Awit gearing jeung kudu dirawat dirumah sakit.
Novel Sanggeus Halim Puray teh mere nyaho ka urang yen kahirupan urang teh geus di atur ku Nu Maha Kawasa. Tapi dina novel Sanggeus Halimun Puray ieu aya sababaraha kata-kata kasar jeung jorok, nu teu pantes lamun di baca keur budak leutik mah.
Sanggeus maca novel ieu, para rumaja bisa ngabedakeun mana kalakuan anu hade jeung mana kalakuan anu goreng.

                                                                              Henna Deyana
                                                                              XI IPA 5