Pages

Senin, 06 Mei 2013

SI LAMSIJAN KAÈDANAN


RESENSI NOVÈL
“SI LAMSIJAN KA
ÈDANAN”
Si Lamsijan Kaédanaan mangrupa judul novél anu disusun ku Ki Umbara. Ieu buku di terbitkeun ku Girimukti , citakan ka-2 taun 2003. Kandelna aya 86 kaca.
Ngaran Si Lamsijan téh tanwandé geus wanoh. Si Lamsijan bisa disaruakeun jeung Si Kabayan dina dongéng-dongéng urang Sunda, atawa jeung Si Cepot dina wayang golék Purwa.  Adatna sok asa aing sagala nyaho, asa pangpinterna tapi bodo katotoloyo. Si Lamsijan didieu hirup dina jaman révolusi kamerdikaan.
            Dina ieu novél dicaritakeun yén Si Lamsijan nu resepeun ka Néng Amoy. Si Lamsijan anu geus ménta asihan-matih ka dukun, kaganjel ku nasib, kalahka salah sasaran, jadina ka Si Ceupleu.
Kusabab usaha papatah Dukun gagal, Si lamsijan ngumaha ka Mama Yai, kiai anu daékeun nulungan. Da ceuk Si Lamsijan manéhna lain kulantaran kageulisan atawa kabeungharan Néng Amoy, tapi nu matak mikahayang ka Néng Amoy téh sangkan Néng Amoy jadi muslimah. Mama Yai ahirna daékeun nulungan asal Si Lamsijan daék maca Qur’an jeung diajar salat.
Harita Néng Amoy dina kasusahan, tuluy ditulungan ku Si Lamsijan. Sanajan terusna mah Néng Amoy dibawa ku tentara Walanda. Ahirna Si Lamsijan kawin jeung Si Ceupleu. Tuluy maranéhna jadi sudagar peda.
Kaunggulan novél ieu nyaéta caritana diréka pikaseurieun, tapi ngeusi, da Si Lamsijan nu tadina bolongor téh maké jadi leket salat sarta nyantri sagala. Tur jalanna téh matak kaharti deuih, sanajan mémang pikaseurieun. Novél ieu cocok dibaca ku rumaja.


                                                                                Annisa Nurul Mujahidah
                                                                               XI IPA 5
Comments
1 Comments

1 komentar:

  1. Tema novelnya apa ya? Saya kurang paham, mohon bantuannya untuk tugas

    BalasHapus