Pages

Minggu, 07 April 2013

Resensi Novel Lain Eta






Judul                     : Lain Eta
Pengarang             : Moh. Ambri
Penerbit                : Balai Pustaka, Jakarta
Banyak Halaman   : 85 halaman
Harga Buku           : Rp 18.000

            Lain Eta, Novel ieu nyaritakeun Neng Eha nu dipaksa ku bapana kawin ka lalaki nu teu dipikaasih, Terus manehna kabur saterusna manehna tobat ka kolotna jeung hirup nyorangan pinuh tawakal. Lalakon nu boga carita dina novel ieu nyaeta Neng Eha jeung bapana nyaeta Juragan Kalipah Cianjur ti lingkungan bangsawan jeung agamawan, Neng Eha dicaritakeun kageulissannana jeung kaayaan batinna, nyaeta sawiang wanoja nu boga jalan hirupna rea kajadian nu jadi awewe nu mandiri pinuh katakwaan dina ngajalankeun hirupna.
          Nu dimaksud dina novel Lain Eta nyaeta pokok perkawinan, kabuka dina jero carita ieu perkawinan moal aya kabahagiaan lamun syarat – syaratna teu dicumponan nyaeta saling pikanyaah jeung salih pikaasih, turunan, agama, harta jeung pangkat.
          Antara Neng Eha jeung Mahmud saling mikaasih, tapi teu jadi kabahagiaan lantaran teu jadi dina perkawainan. Mahmud ku bapana Neng Eha teu kaasup dina syarat turunan nyaeta lain bangsawan. Lalaki lain nyaeta juragan mantri, nurutkeun bapana Neng Eha nyumponan syarat kabangsawaan, kaagamaan, harta jeung pangkat, Tapi teu nyumponan syarat saling mikaasih. Sabab Neng Eha teu bogoheun, manehna teu menang kasugemaan rumah rumah tanggana hancur, janten kanngo kabahagiaan teh salian syarat pribadi bogoh pada bogoh oge aya syarat sosial jeung syarat agama.
          Tema eta saterusna bisa diringkeuskeun seperti ieu perkawinan moal mere kabahagiaan lamun syarat – syarat nu sifatna pribadi, jasmaniah, rohaniah jeung syarat sosial sarta kaagamaan teu nyumponan. Kasimpulan pangarang dina carita ieu pada akhirna manusia kudu bisa ngajalankeun nasibna jeung nyangharupan kahirupan kahareup jeung katawakalan ka Allah SWT.

                                                                     Nama               :Yari Rinaldi
                                                                     Kelas               :XI IPA 5

0 komentar:

Posting Komentar