Pages

Minggu, 07 April 2013

Resensi Si Kabayan Jadi Dukun



-
Judul Buku : Si Kabayan Jadi Dukun
      - Pangarang : Moh.Ambri
- Penerbit : PT Kiblat Buku Utama
- Taun medal katut citakanana : Citakan ka-5, Muharram 1430      H./Januari 2009
- Kandel Buku : 72 kaca
- Harga Buku : Rp.25.000

 Dina buku ieu nyaritakeun si kabayan anu jadi dukun. Jadi dukun sotenan kapaksa Si Kabayan mah. Saikem, pamajikanana, nu sasat jadi cukang lantaranna mah. Saikem hayang males kanyeri ka salakina pedah pernah nampiling manehna. Basa kadatangan semah ti dayeuh nu neangan dukun lepus, Saikem nyebutkeun yen Si Kabayan teh dukun anu kamatihanana jeung pang sakti-saktina moal aya tandinganna. Ngan cenah ku lantaran jalma mahiwal, Si Kabayan tara daek ngaku jadi dukun kajaba mun ditampilingan heula.
Saenggeus di tampilingan ku deungeun-deungeun bari jeung teu nyaho naon kasalahanana, Si Kabayan kapaksa daek dititah ngajiad Nyi Hasanah, anak sudagar, anu katarajang kasakit pireu barang rek dikawinkeun ku bapana. Ari saenyana mah Nyi Hasanah teh pipireuan. Manehna teu suka dikawinkeun ka Haji Latip, da puguh geus bogoh ka  Agus. Agus nyamar jadi pangiring Embah Dukun, nepi ka bisa paamprok jeung bebenena. Teu lila Nyi Hasanah langsung bisa ngomong deui, ngan orokaya terus dibawa kabur ku Agus.
Kabayan akhirna kayahoan lain dukun asli. Isukna burudul pulisi, kapala-kapala desa jeung menak ti dayeuh rek nangkep si Kabayan. Akhirna Si Kabayan dibawa ka dayeuh terus diabuskeun ka bui. Pamajikanana datang ka dayeuh nembo Si Kabayan bari ceurik rumasa salah. Kabayan dibebaskeun ti bui, Kabayan jeung Agus indit ka imah Sudagar. Menta si Agus diijinan kawin jeung Nyi Hasanah. Ki Haji bapana Nyi Hasanah teu satuju. Tapi, Nyi Hasanah menta restu ti bapana dikawinkeun jeung Agus. Kusabab Nyi Hasanah ngan cinta ka Agus saurang. Akhirna Ki Haji mere restu ka budakna. Agus jeung Nyi Hasanah akhirna kawin jeung hirup bagja.
- Kalemahan Buku : Bahasa nu digunakeun lobana bahasa kasar. Bahasa anu teu patut diconto ku budak sakola
- Kalebihan Buku : carita na menarik aya unsur komedina, Ngagunakeun bahasa sapopoe atawa basa loma anu gampang dibaca, sadaya kalangan tiasa maca.

                                                                       Nama                    :Ahmad Setiadi
                                                                       Kelas                     :XI IPA 5

0 komentar:

Posting Komentar