Pages

Minggu, 07 April 2013

Résénsi Babalik Pikir


Résénsi Babalik Pikir
 
Jejer buku                   : Babalik Pikir
Pangarang                 : Samsoedi
Penerbit                      : Giri Mukti
Pamedal                     : PT Kiblat Buku Utama
Tempat Medal           : Jl. Gumuruh No. 38, Bandung 40275
Tanggal terbit            : Medal taun 1931
Kandel  kaca             : 72 kaca
Kategori                     : Novél
Sinopsis                      :

Novel ieu nyaritakeun hiji budak anu kacida baong jeung bengal ka kolot nu ngarana si Emed. Si Emed eta dititah ngalakonan hal leutik wae tara baleg. Ku baong baongna si Emed bapana nepika maot kapacok oray kusabab neangan si Emed peuting-peuting. Si Emed ngarasa salah pisan kulantaran maotna bapana, tapi rasa salahna teh teu lila, si Emed tetep jadi jelema baong jeung bengal ka indungna.
            Hiji poe si Emed indit ti imahna kusabab pundung ka indungna kulantaran teu dipangmeulikeun pepeutasan jeung papakean lebaran, padahal indungna teu pangmeulikeun manehna kulantaran salah si Emed sorangan nu kamalingan basa rek meuli pepetasan di pasar baru.
            Dina kaburna, si Emed meunang pangalaman anu kacida gedena. Timimiti ngangon meri, disangka maling nepika di bawa ka pangbuian barudak di Samarang. Di pangabuian barudak eta si Emed menang rupa-rupa pangajaran kuli, tapi si Emed pangresepna kana manday beusi, di dinya oge si Emed manggihan sobat anu satia, ngarana si Joko. Hiji poe, si Joko meunang balik ti pangbuian, kusabab manehna geus 18 taun, si Joko ngajakan nu teu baleg ka si Emed sangkan kabur ti pangbuian kucara digulung make samak, si Emed asalna embungeun, tapi lila kalilaan mah daekeun. Dicaritakeun yen si Emed jeung si Joko bisa kaluar ti pangbuian tanpa kanyahoan mawa si Joko dina buntelan samak. Di Jalan rek balik beus anu ditumpakan kacilakaan, dina kacilakaan eta si Joko maot, atuh si Emed teu boga sobat deui jeung hirup sorangan deui. Basa si Emed keur kalaparan si Emed papanggih jeung tukang bajigur nu kacida bageurna, si Emed hirup jeung tukang bajigur eta nepika boga pagawean manday beusi di bengkel. Sanggeus kitu si Emed balik ka lembur anu ditinggalkeuna pikeun papanggih jeung indungna anu geus lila teu papanggih.
            Novel ieu alus pisan pikeun dibaca rumaja, kusabab dijerona loba ngandung unsur pendidikan jeung moral sangkan para rumaja ayeuna ulah boga kalakuan jiga si Emed dinu carita tadi. Si Emed mangrupakeun tokoh nu mere conto yen lamun ngedul, baong jeung Bengal kakolot teh teu alus jeung urang bisa meunang balesana, masih untung di balesna didunia, lamun didunia urang bisa sadar kana kasalahan jeung jadi jelema nu leuwih hade, tapi coba lamun dibales diakherat, ulang moal bisa kukumaha. Kakurangan novel ieu hampir eweh, tapi mun ditilik tina jumlah kacana, carita ieu jiga nu lain ditujukeun pikeun rumaja, padahal carita ieu nyerminkeun rumaja pisan anu labil jeung maksakeun kehayang sorangan. Teras caritana gampang dipikaharti. Tapi basa kekecapanna anu kasar jeung kalakuan nu goréngna lain jeung picontoeun.
 Novel ieu oge ngandung nilai-nilai kahirupan sapopoe.Tapi palebah Si Emed kabur ti penjara nyaeta ku digulung ku samak rada teu asup akal. Manfaat tina novel ieu nyaeta sasaha anu mawa karep sorangan teu jeung bebeneran sarta doraka kanu jadi indung jeung bapa, temahna sok sangsara.

Bunga Alya .L
XI IPA 5

0 komentar:

Posting Komentar