Pages

Minggu, 07 April 2013

Resensi Novel Dalinding Angin Janari




Judul                :Dalinding angin janari
Di Susun          : USEP ROMLI H.M.
Di Terbitkeun   : R.Ayi Sacadipura,dina taun 2007
Kandel             :68 kaca.





Dina dalinding angin nyaritakeun budak awewe nu namina nendah,nendah the anak na ajengan  yahya nu boga pasantren di lemburna ,nu namina “al-muhlisin” pasantren ieu geus turun temurun ti karuhun ,nanging pasantren ieu karek 7 tahun ,cohagna katek mesat lengkah mun jelema mah ,kudu ngeubreuk. Nendah,anak bungsu. Dua lanceuk na ,lalaki nu namina abdul jabar jeung abdul kohar ,nuturkeun tapak lacak anjengan yahya.masantren sabada lulus SMA .Nu cikal di jombang ,jawa timur ,bari kuliah S-2 di Universitas K.H.Wahid hasyim nu aya didinya. Nu  kadua di ciamis .Ngususkeun ngaji wungkul heula ,geus rada hatam,karek rek  tatahar kuliah di paguron tinggi umum .cita-citana hayang jadi sarjana pendidikan . sedangkeun nendah kuliah di Fak.psikologi Universitas Islam Garut,mari masantren di “Darul Banat”,husus pasantren mahasiswi .ayeuna keur ngereuyeuhan nyusun kripsi. Barudak nu tilu ieu di piharep baris neruskeun tapak lacak karuhun,nanjeurkeun komara pasantren.
Hiji poe aya wanoja sareng indungna ngadatangkeun pasantren al-muhlisin,wanoja eta namina fenny ,fenny katingal wanoja kota ,awak na jangjing leutik,cengkeng lenggik,buuk di rumbaykeun . Tapak gunta ganti warna ,ngelemeng  dina tungtungna nu semu  peang. Heunteu nyaho langsung. Abdul jabbar nelepon nendah,yen di imah na aya wanoja jeung indungna ,Tapi indung na mah misah. Cicing di imah haji Burhan,lanceuk ajengan yahya,sedangkeun fenny di pernahkeun nyicingan kamar tamu .
Sanggeus nendah di teleponan ku lanceuk na ,isuk na nendah mulih ka lembur na ,saharita nendah karek mulih ,nendah di kenalkeun ka fenny anu di caritakeun ku lanceuk na ,nendah bingung sabab fenny tos nyahoeun nendah,fenny nyahoeun nendah ti indung na nendah.
Akhirna fenny jeung nendah jadi deukuet ,maranehna sok cacarita bareng ,curhat jsb. Mimitina cacarita sok ku basa Indonesia.Direumbeuy sunda kasar. Tapi lila-lila fenny sok hayang nyarita ku basa lemes. Pangpangna jeung ajengan yahya atawa embu. Ku nendah di tuyun dibebener.najan mindeng jeung rea salah dina larap kecap nu patuli jeng patali dina undak-usuk,tara dicawad.
Lantaran ayeuna fenny aya di pasantren anu aya di perkampungan,fenny jadi kabiasaaan hudang pukul 03.00 sabab ti masjid geus kadenge sora spiker kekerekekan keur shalat malam, beda di Jakarta mah pukul 03.00 masih tidur. Pukul 03.00 di pasantren mah para santri geus buru-buru asup ka masjid keur shalat tahajud.ketika fenny ka mesjid nendah geus aya di mesjid keur shalat tahajud. Geus shalat tahajud nendah. Disambung ku salat Witir  tilu rokaat. Maca tasbih,tahmid jeung solawat seratus kali. Salanjutna Nendah ngadoakeun fenny tetep dina taufik hidayah alloh sangkan di panceugkeun kayakinanana.ulah galuang-galeong kawas nu enggeus. Sabab baheula fenny ti Jakarta pergaulanna bebas.
Geus 6 bulan fenny di pasantren ,fenny geus aya parobahan sikap na namun teu robah 100 %,sedangkeun hubungan fenny jeung nendah geus deukeut seperti kaluargana , tapi geus 6 bulan di pasantren fenny mutuskeun balik ka Jakarta sabab aya hal-hal anu kudu di bereskeun. Fenny pun balik ka Jakarta tampa indungna ,ketika nendah ka kamarna fenny nendah nempo aya surat ,nendah langsung nyokot eta surat tapi fenny langsung nyokot eta surat jeung di sumputkeun di handap bantal,nendah bingung.fenny ngizinkeun nendah maca surat eta lamun fenny geus angkat ka Jakarta,fenny langsung pamitan ka anjengan yahya jeung embu ,nendah oge nganterkeun fenny. fenny langsung naek elf sedangkeun nendah nempo fenny jeung perasaan sedih.
Geus fenny angkat,nendah langsung buru-buru balik ka imah ,geus di imah nendah buru-buru ka kamar tamu anu di pake ku fenny ,nendah nyoehkeun biwir amplop.kertas sababaraha lembar  nu isina kahirupan fenny anu sebenerna di Jakarta ,fenny tacan tiasa bisa ngarengsekeun problem-promblem pribadi,jeung dunya nendah jeung fenny bina kabina-bina. Amat betolak belakang. Nendah di dunya santri,dunya masjid nu dekeut ka gusti allah tpi fenny dunya hiburan,dunya peuting. Tempat hura-hura anu sama sekali anu tara eling kagusti allah jeung pergaulan anu bebas. Sanggeus nendah maca eta surat nendah buru-buru ka imah na indung fenny hoyong nanya anu sebenerna sanggeus nendah di imah na indung na fenny ,nendah asa bingung bade nanyakeun naon heula sabab nendah nempo indung na fenny boga iman nu kuat ka gusti alloh beda jeung anak na .jeung hate teu ngenah  nendah langsung nanyakeun ngenaan fenny . indung na fenny pun nyaritakeun penyebeb fenny tiasa seperti eta sabab karuntuhan rumah tangga indungna fenny,sabab ayah na salingkuh deui jeung selebriti ,didinya fenny jadi bangor. Sanggeus nendah nyaho fenny tiasa seperti eta. Nendah pamit ka indungna fenny balik ka imah . sanggeus nendah di imah ,nendah dapet surat ti tukang pos ,surat eta ti fenny , nendah langsung maca surat eta ti fenny nu isi na fenny rindu jeung pasantren,fenny resep perih lamu ngadenge suara adan ti mesjid-mesjid sok inget kana pasantren tapi ti jakarta lewat sakitu wae sabab fenny terkurung di pergaulan anu bebas ieu ,engkeu lamun fenny bebas ti jeratan ieu fenny bade ka pasantren deui. Sanggeus nendah maca eta surat ,nendah nganggap fenny kaum fatalis anu pasrah kana kahirupan .
 Dalinding angin ti masjid,karek liwat dina paningeungan fenny. tapi  hiji waktu bakal namper  saendeng-endeng dina lelembutan. Dina galura kamarudahan fenny.isuk pageto. Atawa biheung iraha sabab ukur alloh maha uninga .
kaunggulan novel ieu ,loba pesan moral ,agama ,jeung pendidikan sabab ti novel ieu urang tiasa leuwih maham tina kahirupan di dunya jeung di akhirat ,novel ieu oge tiasa ngadeukatkeun urang kagusti alloh.
        kakurangan novel ieu .Alur carita na teu beuraturan jeung bahasana sesah di pahamkeun .

                                                                                             Sherly Delvia
                                                                                             XI IPA 5



0 komentar:

Posting Komentar