Pages

Minggu, 07 April 2013

Resensi Novel NÉLÉNGNÉNGKUNG



NÉLÉNGNÉNGKUNG



Néléngnéngkung nyaeta mangrupa judul buku anu disusun ku Wahyu Wibisana. Buku ieu diterbitkeun ku Kiblat buku utama, dina tahun 2009 citakan ka-1. Kandelna aya 152 kaca.
Kanyaah ti indung jeung bapa ka anakna nyaeta tema anu dicandak dina novel ieu. Néléngnéngkung  dina ieu buku karya Wahyu Wibisana, écés nyaritakeun kahirupan pangarang mangsa budak nepi ka sawawa kalawan teu leupas tina héab asih indung jeung bapa. Oge nyaritakeun kahirupan sapopoé nu kasorang ku dirina dina bunderan kanyaah indung jeung bapa, dipulas ku latar lembur tempat gelar jeung sabudeureunnana, oge latar pangjujugan ngumbara di Bandung.
Sanajan ukur nyaritakeun pangalaman nu kasorang ku pangarang tapi éta pangalaman téh seueur atikan keur kahirupan anu bisa dijadikeun padoman hirup keur urang sadaya jeung ayana budaya masyarakat sunda baheula, sajarah keur jaman panjajahan walanda, jepang jeung pambarontakan PKI, jeung sajabana.
Kasaean dina novel ieu ngandung atikan moral anu peryogi pisan ku urang ditarepkeun dina kahirupan sapopoé nyaéta salah sahijina hormat ka indung jeung bapa. Namung eusi tina novel ieu aya sababaraha kécap anu salah nulisna, kusabab salah nulisna jadi sesah ngahartikeunnana.
Novel ieu ngandung harti lamun kanyaah indung jeung bapa teu aya wates wangenna, moal lantis ku hujan sakali. Sok sanajan rup ku padung, rap ku lemah kanyaah indung bapa tetep nganteng anu bakal diterapkeun deui ka anak anakna dina mangsa nu bakal datang.
  
RIANTINA GHURUL M
XI IPA 5
Comments
1 Comments

1 komentar: